Senin, 04 Juli 2011

Si kabayan moro uncal

Isuk kénéh Si Kabayan
jeung mitohana geus
harudang, lantaran poé éta
rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus
saraged, maké calana sontog,
samping dibeubeurkeun kana
cangkéng, bedog panjang
nyolégréng. Sawaréh
marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun
geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah
teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké,
maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur
marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso
raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?”
tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung,
der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti
wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat
ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh.
Manéhna mah nangtung handapeun tangkal
jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu
asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero,
“Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero
rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék
pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu
matak barang nénjo sato nu siga kuda bari
tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék
kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da
kagokku sarung. Manéhna nangkod kana dahan
panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka
handapeunana pisan. Si Kabayan peureum,
sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu
ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana
barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari
diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana
sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug
hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé
ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh
muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi
tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung.
Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing
ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta
tulung.
Teu lila burudul nu moro
nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn
téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak.
Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan
tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé
ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna,
Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari
cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal
mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku
kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup
wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna
ogétepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup
mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan
padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan
tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan
ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs.
Hidayat Suryalaga, spk.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar