Minggu, 03 Juli 2011

bobodoran sunda bag.2

ORAY NGAHAKAN LINGGIS
A: “Oray naon anu teu bisaun ngaleor ?”
B: “Oray paeh.”
A: “Pasti oray paeh mah moal bisaeun ngaleor.”
B: “Ari geus oray naon ?”
A: “Oray nu tas ngahakan linggis.”
GELO
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu
kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog
manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah
sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
“Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?”
“Kumaha jalmina?”
“Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200
kg!”
“Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?”
“Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!”
NGAJAWAB SOAL UJIAN
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh
kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep
dianggap pangbabarina.
Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh
soalannana, terus dihandap make implik-implik
kieu: Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban
anu pang merenahna.
SAUR MANUK
Guru: “Sudut A gedena salapan puluh dera…?”
Murid: “Jaaaaaaaat!”
Guru: “Sudut B gedena salapan puluh dera…?”
Murid: “Jaaaaaaaat!”
Guru: “Jadi lamun di jumlahkeun sudut A jeung
sudut B?”
Murid: “Jaaaaaaaat!”
KONDEKTUR
Kondektur ka hot mang Obing teh. Geus aya dua
puluh taunna, cenah, digawena dina beus. Bab
ongkos, ti mana jeung kamana, ku manehna
geus katalar pisan.
Hiji poe, Mang Obing keur ngadaweung
dihareupeun imahna, da kabeneran keur teu jalan,
mobil cekelanana turun mesin. Lar aya anu
ngaliwat.
“Rek ka mana?” Mang Obing nanya.
“Ka Kadungora,” tembal anu ngaliwat.
Tret nulis angka. Song dibikeun, bari pokna,
“Tujuh ratus, disaruakeun jeung ongkos ka
Garut.”
“Ari Emang, naon ieu teh?”
“Aeh heueuh, rarasaan teh keur dina beus,”
tembal Mang Obing bari ngelemes.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar