Senin, 04 Juli 2011

Kabayan ngala tutut

Cék Ninina, “Kabayan
ulah héés beurang teuing,
euweuh pisan gawé sia mah,
ngala-ngala tutut atuh da ari
nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka
mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka
sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu
meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu
meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna
loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong
kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang
diteges-teges ku Si Kabayan katémbong
kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa
lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah
teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh
kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero
pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina
caina.Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi
ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta
tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék
dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala
leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana
nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna
dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-
deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul,
ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya
beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu
ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh
lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap,
talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi
beunang. Lamun teu kitu mah luput moal
beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah
éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui
tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina
didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng
keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy
disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan
keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut
dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun
tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka
katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan
disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”
Tina Lima Abad Sastra Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar