Sabtu, 02 Juli 2011

papatah aki

Euis Dohoy jeung Asep Jebrag geus lima taun
bobogohan, unggal ulin ka imah akina dua duana
sok dibere wejangan. Dasar ceuli si Asep mah
lower asup tikatuhu kaluar ti ceuli kenca, kitu deui
papatah akina euweuh tapak tapakna acan. Hiji
mangsa kacaritakeun Euis Dohoy jeung Asep
Jebrag keur diuk paduduaan dina samak salambar
bari lalajo sing suruwukna cai laut pantai
Pananjung wanci balebat.
Ragamang leungeun si Asep mimiti nyaliara, tep
eunteup dina palebah bitis Euis Dohoy anu keur
emok cabok, terus ngarayap deui sajengkal
tidinya, reg eureun deui. Euis Dohoy ngadilak.
Karayap deui dua jengkal deui. Reg eureun deui.
Euis Dohoy ngadilak deui bari pok ngomong
semu haroshos.
"A..Asep sing emut piwuruk si aki nu kahiji !"
"Aduh punten..sakali deui punten !" ceuk Asep
Jebrag bari ngejatkeun leungeunna.
"Teu sawios A...! Euis Dohoy nembalan semu
handeueul.
Isukna Asep Jebrag papanggih jeung si aki
panasaran pok nanya.
"Ki ari piwuruk aki nu kahiji teh naon, abdi mah
hilap deui ?"
"Dasar maneh mah lower, yeuh dengekeun
geura, piwuruk kahiji teh 'Mun Migawe Nanaon
Ulah Sapotong Sapotong Tur Ulah Dirandeg
Randeg, Teruskeun Nepikeun ka Jucung !'"
ketawa.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar