Sabtu, 02 Juli 2011

halu

Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina,
unggal wancina dahar beurang sok datang ka
imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah
puguh we sagala teh kudu dirit-irit, kukituna
kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi
nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang
ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna....
damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ?
nuju kamana...?"
Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah
Kang Dadang teh rada kaganggu emutanana
ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari
masang taktik.
Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu
heran
Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah
unggal aya tamu Kang Dadabg teh sok neunggeul
tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang
Ahmad langsung pamitan....teu lila datang Jang
Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu
ngan ku abdi teu dipasihkeun..." bari ngabohong
Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu
wae........kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari
mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus mimiti
kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang
Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh we Jang
Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang
Dadang ngudag-ngudag bari ngacungkeun halu.
Dicatut ti ketawa.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar