Selasa, 12 Juli 2011

naek harley

Mang Dodo keur nyupiran mobilna……tuluy ujug
ujug aya motor Harley nyiap …..gorowok teh anu
numpak eta Harley nanya ; ” Kang….Kang….geus
pernah tumpak Harley acan….???? Mang Dodo asa
ka hina…..jero hatena : Karek ge boga Harley mani
sombong kitu………….. Tibatan ngajawab, mang
Dodo kalah nga gas mobilna………….eh, si Harley
teh sarua nga gas………malah beuki tarik
ngagorowok: Kang……….geus pernah numpak
Harley, acan…………….???
“Sikehed’……..jero hate mang Dodo, ” ieu jelema
beuki kurang ajar mapanas uing……” Akhirna
kusabab teu di jawab….eta Harley teh nga gas we
miheulaan mobil Mang Dodo…..teu sabaraha lila
pas deukeut parapatan….Mang Dodo ningali
jelema keur ting rariung……singhoreng aya motor
Harley nabrak tiang listrik……ari ditilik tilik teh bet
anu tadi ngagorowok tea keur ngagoler bari
nahan nyeri. Mang Dodo turun tina
mobil……….keuheul keneh kana kalakuan eta
jelema….barang ningali aya Mang Dodo, nya anu
cilaka teh ngomong; “Kang…..tadi abdi
gogorowokan teh …..bisi akang geus pernah
tumpak Harley………rek nanya keun ari Harley
lebah mana rem na………….”
Sumber : http://forum.detik.com/

Tidak ada komentar:

Posting Komentar