Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling,
aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca,
ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep
ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum
dikampung mah masih keneh loba imah
panggung, jeung biasana kolong imah teh sok
dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang
kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun
kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana,
multi level meureun nya ayeuna mah istilahna
teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam,
rerencepan muka panto kandang bari jeung
dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga
imah, barang keur muka panto kandang
ngadenge aya sora awewe "kang....tos
dibuka......", simaling ngagerendeng na hatena
"duh! nyahoeun aing muka panto", simaling
jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor
sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora
awewe "duh kang tos lebet nya !!!" sorana rada
tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena
"haram jadah! nyahoeun aing rek maling
hayam !", padahal nu dijero imah mah teu
nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan,
maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar,
kabeneran sipanganten oge indit kapasar, pas
liwat ka tukang bonteng awewena nyarita ka
salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna
teh "kang siga nu wengi nya!". maksudna kana
bonteng, tapi Tukang bonteng ngageubeug
hatena, rey...... beungeutna ngadadak beureum,
tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat
tipoporose sieun ditewak, hatena baceo "duh
bener-bener nyahoeun ka aing". padahal si
awewe mah ngomong kitu teh kanu boga
salakina.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar