Minggu, 03 Juli 2011

bobodoran sunda bag.5

RACUN
Sabada pasea rongkah, salakina indit ti imah,
maksud rek jalan-jalan ngabrangbrangkeun piker.
Sajam kira-kira manehna kaluar ti imah teh.
Barang geus balik deui ka imah, manehna
darehdeh naker nanya ka pamjikanana.
“Eulis, bade masak naon kangge neda engke
sonten?”
“Racun!” tembal pamajikana baketut.
“Oh, upami kitu mah nyayagikeun kanggo
saurangeun wae, Akang neda di luar!”
ASURANSI PANGTEREHNA
Di Australia waktu aya konperensi asuransi
internasional, aya salah saurang peserta anu
ragrag ti hotel tingkat 15 nepi ka maotna.
Ceuk peserta ti Amerika, “Lamun aya jelema
ragrag ti tingkat 15 nepi ka maotna, di Amerika
mah santunan asuransina bisa cair dina jero
saminggu.”
Peserta ti Jepang embung eleh. “Komo di Jepang
mah leuwih cepet. Mun aya jalma ragrag ti tingkat
15 nepi ka maotna, santunan asuransi na bisa cair
dina jero dua poe. Kumaha ari di Indonesia?”
pokna bari ngareret ka perserta ti Indonesia.
“Di Indonesia mah leuwih cepet deui. Lamun aya
jalma ragrag ti tingkat 15 nepi ka maotna, di
tingkat 10 keneh santunan asuransina geus
dibikeun,” tembalna kalem.
DI RUMAH SAKIT JIWA
“Pak Dokter, Pak Dokter, rerencangan sakamar
abdi beuki maceuh wae,” ceuk salah saurang
pasen rumah sakit jiwa ka dokter jaga.
“Beuki maceuh kumaha kitu, Jang?” dokter nanya.
Geus maju ka cageur tangtuna oge anu ieu mah,
da geuning make bisa laporan sagala.
“Manehna teh naek kana meja bari gogorowokan,
Aing teh lampu anu nyaangan ieu kamar. Kitu
weh teras meni gandeng.”
“Buru-buru atuh ku Ujang titah turun!” ceuk
dokter.
“Har, atuh meureun engke jadi poek di kamar
teh!” ceuk anu mawa laporan.
MAEHAN LALEUR
Dua pasen rumah sakit jiwa keur ngawangkong.
Pasen A : “Kuring mah geus maehan laleur ku
tumbak!”
Pasen B : “Paeh?”
Pasen A : “Henteu ari paeh mah, ngan sukuna
pateuh sabeulah.”
TUKANG CELEP DIGANTUNG
Jaman baheula ieu mah, jeung teuing di nagara
mana kajadianana oge. Aya garong rek
ngabongkar imah. Bet ninggang di naas,
manehna katinggang kusen jandela, tepi ka
maotna. Ahli warisna mengadu ka hakim, sabab
ngarasa di rugikeun ku anu boga imah anu rek di
garong tea.
Hakim buru-buru manggil anu boga imah.
“Ku naon silaing masangkeun kusen teh mani
lelewodeh? Tuh tenjo akibatna, garong anu rek
asup ka imah maneh tepi ka paeh!”
“Tong ngalepatkeun abdi, Juragan Hakim. Pan
miwarangan tukang kayu abdi masangkeun
kusen teh,” ceuk nu boga imah.
“Teang tukang kayuna!”
Tukang kayu geus ngajagrag hareupeun hakim.
“Kunaon silaing masangkeun kusen teh mani
lelewodeh?”
“Rumaos lepat abdi teh, juragan hakim. Harita
abdi kagoda ku hiji istri anu nganggo acuk hejo,
anu ngalangkung ka payuneun pisan, waktos
nuju masangkeun kusen tea,” tembal tukang
kayu.
“Teang awewe anu make baju hejo!”
Awewe anu dimaksud geus aya dihareupeun
hakim.
“Ku naon maneh make baju hejo, tepi ka tukang
kayu jadi kaganggu?”
“Anu lepat mah sanes abdi, Juragan Hakim, tapi
tukang celep,” tembal si awewe.
“Naha bet nyalahkeun tukang celep?”
“Apan abdi hoyong nyelep eta acuk teh ku warna
koneng, tapi naha tukang celep bet
nyanyahoanan, jadi warna hejo,” tembalna deui.
“Teang tukang celepna!”
Teu hese. Poe eta keneh tukang celep geus
dijagragkeun.
“Ku naon silaing bet nyelep ku warna hejo, apan
pamenta anu bogana oge hayang ku warna
koneng?”
Tukang celep ngabigeu. Manehna teu bisa
ngasongkeun alesan.
“Hayo jawab! Naha bet ku warna hejo?” hakim
morongos.
Ngabigeu keneh wae.
Trok,trok! Hakim ngetrokkeun palu. “Hutang
uyah, bayar uyah. Hutang nyawa, bayar nyawa.
Logojo, bawa ieu tukang celep ka tihang
gantungan!”
Gancangna carita, tukang celep dibawa kaluar ku
logojo, rek digantung tepi ka paeh. Sanggeus
rada lila, logojo nguruyung deui, nyampeurkeun
hakim.
“Juragan Hakim, teu tiasa di gantung tukang celep
teh.”
“Naha?” hakim nanya bari nyureng.
“Jalmina jangkung teuing,” tembal logojo.
Hakim kacida ambekna. Pok nyarita, “Ari silaing,
naha bet bodo-bodo teuing! Teangan tukang
celep anu pendek!”
Sumber: BEREGEJED (Kumpulan Guguyon Sunda)
Dikempelkeun Ku: Taufik Faturohman
Penerbit: Cv Geger Sunten Bandung

Tidak ada komentar:

Posting Komentar