MEULI KORAN
“Cing pangmeulikeun Koran Harian Tarompet ka
parapatan!” ceuk pa duduh ka jongosna. “Tawar
wae ku maneh hargana mah, biasana sarebu
perak oge dibikeun ari geus beurang kieu mah.
Tapi bisi keukeuh kudu sarebu tujuh ratus mah
beuli wae. Tah, ieu duitna dua rebu.”
Teu kungsi lila jongosna geus norojol, terus
masrahkeun Koran ka pa Duduh. Pokna,
“Dipasihkeun ditawis sarebu teh, Gan. Anu mawi
abdi tiasa meser dua.”
MIHAPE KUDA
Kusir: “Jang, mihape kuda sakeudeung. Emang
rek ka cai heula.”
Budak: “Ah alim, sieun nyongot.”
Kusir: “Moal, da ieu mah kudana oge bageur.”
Budak: “Sieun nyepak atuh.”
Kusir: “Tara deuih. Kuda bageur.”
Budak: “Moal ah, sieun kabur.”
Kusir: “Ih, Si Ujang mah. Moal kabur, moal. Ceuk
Emang oge, kuda bageur.”
Budak: “Ari kitu mah, naha atuh miwarang di
tungguan ku abdi?”
JURKAM PIDATO
Ngarana oge kampanye, pidato teh kudu bari
sumanget. Kawas harita wae, waktu Bapa Jurkam
keur daria naker pidato bari pepeta.
“Urang wajib ngarojong pangwangunan. Hasil
pangwangunan ku urang geus karasa. Jalan
leucir, listrik parat ka padesaan, kitu deui pabrik
dug-deg di mamana; kayaning pabrik mobil,
pabrik sapatu, pabrik keretas, jeung pabrik tektil…”
“Pak, kirang es,” ceuk asistenna, ngaharewos.
Maksudna, lain tektil tapi tekstil.
“Oh enya,” ceuk Bapa Jurkam, “jeung pabrik es
deuih!”
DILOKIR
Mang Duleh, di lembur kuring mah moal aya
duana. Kawentar tukang catur. “Tiada hari tanpa
catur”. Kitu motto hirupna oge.
Hiji sore, manehna lalajo mengbal, ngabobotohan
kasawelasan ti desa. Geblus gawang kasawelasan
anu di bobotohanana kaasupan bal. Hiji enol!
Deregdeg wae Mang Duleh nyampeurkeun
palatih, terus nyarita, “Salah atuh da Pa Pelatih,
kuduna kiper teh dilokir jeung bek!”
MAYAR HASEUP SATE
Lantaran lapar, bus wae Asep Dodoy asup ka
jongko tukang sate.
“Pang meuleumkeun sapuluh!” pokna bari gek
diuk.
Sabot sate di beuleum, haseupna mani meleber,
kaambeu seungit. Ngadadak rasa lapar leungit.
“Mang moal tulus meuli satena oge, da geuning
ku ngambeu seungitna oge geus seubeuh,” pok
na bari rek ngaleos.
“Ih, ke heula. Bayar heula atuh,” ceuk tukang sate.
“Naha? Pan teu tulus daharna oge!”
“Enya, pan seungitna geus ka seuseup. Jadi
angger we kudu mayar.”
“Heug atuh,” omong Asep Dodoy bari ngodok
saku. Manehna nyokot duit kencring sababaraha
siki, terus diburulukeun kana piring kosong. Atuh
puguh wae sorana teh meni gandeng. “Tah,
dibayar ku sorana!” ceuk manehna bari
ngasupkeun deui duit kana jero sakuna.
SI ONA KAGARONGAN
Si Ona lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona
aya anu ngabongkar. Eusina kabeh dikerid ku
garong anu cenah, jumlahna lobaan.
“Si Engkoh ditaliang, Si Otong diwologod,” pak na
bari pepeta. Maksud na mah, salakina ditalian,
sarta anakna di borogod ku garong.
“Ari Ona dikumahakeun ?” pulisi nanya.
Si Ona kalah Ngabigeu bari alumna-alimen.
“Ona dikumahakeun ku garong teh?” pulisi nu
sejen milu nanya.
“Si Engkoh ditaliang, Si Otong di wologod…”
“Enya, eta mah pan Si Engkoh jeung Si Otong.
Ieu mah Ona, dikumahakeun?”
“Ah, embung, ela…,” tembalna.
IMAH TEU MAKE DAPUR
A: “Gaji teh najan terus undak, tapi keukeuh wae
teu pimahieun.”
B: “Naha ?”
A: “Kana resiko dapur gegedena teh.”
B: “Ruag geura dapurna. Yakin, moal aya resiko
dapur.”
DI ROHANGAN PAMERAN LUKISAN
Di rohangan pameran lukisan, aya hiji pejabat
keur ngilikan lukisan anu dipajang. Teuing ku loba
tatanya bari cegikan lukisan.
“Lukisan naon ieu teh, mani teu pararuguh kieu?”
“Lukisan abstrak,” tembal panitia.
“Ari ieu naon, gambar jelema teh siga bola
pakusut?”
“Lukisan aliran ekspresionisme ata mah bu…”
DIAMPUTASI SUKU
Dokter: “Aya dua wartos anu bade didugikeun ka
Bapa. Anu kahiji wartos pikabungaheun, anu hiji
deui wartos pikasediheun. Bapa bade
ngupingkeun anu mana heula?”
Pasen: “Abdi mah hoyong ngupingkeun anu
pikasediheun heula, Dok.”
Dokter: “Sampean Bapa kedah diamputasi.
Maksadna, kedah dipotong duanana semet tuur.”
Pasen: “Ya Alloh! teu tiasa ku tarekah sanes anu
langkung ringan?”
Dokter: “Teu tiasa.”
Pasen: “Dupi wartos pikabungaheunnana
kumaha, Dok?”
Dokter: “Sapatu kagungan Bapa bade dipeser ku
pembantu sim kuring.”
NGAJURUNGKUNUNG
Nini: “Kunung…!!!”
Kunung: “Kaaah…!! Bade naon, nini?”
Nini: “Cing panganteurkeun bako ka Jang
Punduh!”
Teu lila si Aki datang ti sawah…
Aki: “Nini ngajurungkeun saha nganterkeun bako
ka Jang Punduh teh?”
Nini: “Eta aki, ngajurungkunung!”
LIEUR
Petot: “Nanahaon ari maneh, nyebor tangkal
asem ku cai gula?”
Mehong: “Buah asemna ambeh amis.”
Petot: “Sugan lieur. Bobokeun geura ambeh
cageur.”
Mehong: “Maneh mah sirik, urang rek meunang
gelar doctor causa teh!”
Sumber: BEREGEJED (Kumpulan Guguyon Sunda)
Dikempelkeun Ku: Taufik Faturohman
Penerbit: Cv Geger Sunten Bandung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar