Jumat, 26 Agustus 2011

Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda

Mangga nyanggakeun Koleksi SMS Lebaran
Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda mugi katampi.
1. Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa
nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang
sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf
sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa
minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
2. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu
pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng
boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya
kalepatan lahir sinareng bathin.
3. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu
sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang
kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng
boboran shiam 1430 H. Hapunten samudaya
kalepatan.
4. Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna
seungit malati nu ligar dina taman ati janten
ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng
boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa
minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
5. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati,
karumpak ungkara basa, kadudut kalindu
qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina
samudayaning kalepatan. wilujeng boboran
shiam 1430 H. Hapunten samudaya kalepatan.
6. Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1
syawal 1430 H, bilih kantos nyungkelit dina ati,
tugenah dina manah, kasiku catur, katajong
omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten
samudaya kalepatan.
7. Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit
kabawa daging, Tunggul dirurut catang
dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah,
Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam
1430 H
8. Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu
dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1428H,
kalayanneda pangapunten tina samudayaning
kalepatan
9. Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri
peurihna ati sanubari , mugia lubar ku
silaturahmi,
Wilujengboboran shiam 1430 H . Taqobalallahu
minaa waminkum
10. Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok
dampal panangan ,
Ngansaukur bisa ngirim surat, chating jeung
SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda
dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1430 H
11. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang
lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeungwanci can mustari., Neda
dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilihkantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak
ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah
teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan.
Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna
Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1430 H
12. Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu
diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu
sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1430 H.
Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana
wa shiyamakum
13. Wening galih nu dipamrih jembar manah nu
diseja mugi agung cukup lumur neda kana
samudaya kalepatan lahir tumakaning batin,
wilujeng boboran siam
14. Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya
bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten
samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam
15. Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja,
dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri
nyanggakeun hapunten nukasuhun
16. Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama
islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahimneda pangampura kasadayana
wilujeng boboran shiam 1430 H
17. Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia
sing ngajadi disarengan ku iman taqwa,
nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh,
silih hampura kapapada jalma, panuhun
sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa
minkum, Shiyamana wa shiyamakum
18. Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca,
wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi,
hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina
ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri,
wilujeng boboran Boboran Shiam 1430 H.
19. Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu
utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci
hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng
batin. wilujeng boboran siam.
20. Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang
rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu
teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan
nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten
lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar
pangampura. Wilujeng boboran siam 1430 H.
Taqobalallohu mina waminkum siamana
wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
21. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar
lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala
lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut
manah. taqoballhu
minnawmnkum,taqobalahuyakarim.
22. Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu
kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka
ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh
barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih
hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal
1429 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
23. Harta paling berharga adalah sabar, teman paling
setia adalah amal, ibadah paling indah adalah
ikhlas, harga diri paling tinggi adalah iman, dan
pekerjaan paling berat adalah memaafkan. maaf
untuk lisan yang tak terjaga, hati yang yang
berprasangka, janji yang terabaikan dan sikap
yang pernah menyakitkan. Taqobalallohu minna
waminkum syimana wa shiyamakum. Minal
aidzin wal faidzin.
24. Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur ,
ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun,
tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis
catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda
sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1429 H
25. Wilujeng boboran siam 1429. Minal aidin wal
faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning
lampah urang dina enggoning nyorang sawelas
sasih anu bakal karandapan.
26. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi
pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan
“wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir
tumekaning batin.
27. Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah
kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur,
tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya
kalepatan.wilujeng boboran
28. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri
ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh
bulan pangharepan geus lekasan poe fitri
nembongan. Neda sihapunten
29. Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa,
raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah
silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an
urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
30. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar
lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.
Ngala menta galura pangampura tina sagala
lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut
manah. taqoballhu
minnawmnkum,taqobalahuyakarim
Sakali deui bilih aya nu bade nambihan Koleksi
SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda..
mangga diantos.. cag ah
Link pustaka : Prayudi , mpang99 , Galuh Purba
saungweb.blogspot.com/2009/08/koleksi-sms-lebaran-idul-fitri-ku.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar