Minggu, 29 Agustus 2010

lembur kuring

nami desana burujul kulon,tepatnamah dusun cipinang,desa burujul kulon kec.jatiwangi,kab.majalengka,ari wates-wates burujul kulon teh,palih wetan sareng desa burujul wetan,palih kidulna sareng desa ranji,mun palih kulona sareng desa gunung sari,palih kalerna sareng desa baturuyuk.
pakasaban warga burujul kulon aya nu damel dipabrik keunteng,patani,pagawe pamarentahan,pangusaha jsb.ari seuseurnamah warga burujul kulon teh pakasabana teh ka nu pabrik keunteng/jebor sareng nu kakait patalina sareng pabrik kenteng/jebor diantawisna supir,agen,suplayer.
ari patani diburujulkulon mah patani tadah hujan yaeta mung 2kali dina sataun soalna pangairana henteu nganggo irigasi tapi ti cai hujan,musim tanam ka hiji ku pare nu kadua mah biasa ku palawija,mun usum halodo eta sawah henteu dipeulakan tapi di candakan tanehna kanggo bahan dasar keunteng.
fasilitas pendidikan nu aya diburujulkulon teh mung aya sd sareung hiji smp swasta yaeta smp muhammadiyah.
Burujulkulon teh dibagi-bagi deu jadi dusun2 nyaeta:
1.cipinang
2.ciporang
3.cinancang
4.ciwalur
5.cibadak
6.cibogo

Tidak ada komentar:

Posting Komentar